ica libra sesah hilapna şarkı sözleri
Cinta kuring ka manéhna
Anggang, kahalang sagara
Moal luntur kaibunan
Moal gedag kaanginan
Cinta ngan ukur salira
Cinta kuring nu ayeuna
Masih kawas anu baheula
Ka salira, kuring cinta
Moal rék aya gentosna
Asih urang salamina
Aduh Akang ieu abdi émut baé
Ka salira Ka salira moal rék kabayang-bayang
Aduh, sesah hilapna
Sakolébat réréndéngan bari ukur na impénan
Pinuh ku kembang harepan nyorang jalan kabagjaan
Kalah dikumaha adat urang anu béda