iki boleng mikasono (feat. nurul cholidania) şarkı sözleri
Najan na lamunan
Keur sono datang nembongan
Bagja mun patepang
Ras kabayang sasarengan
Sok sanajan keur paanggang
Hate mah alim paanggang
Rasa kangen banget manteng
Hoyong geura patarema
Bulan anu keur nyaksian
Bentang anu keur baranang
Pangnepikeun ieu rasa
Ka manehna nu satia
Angin peuting ngahiliwir
Mawa hibar ku harewos
Tawis anu mikaasih
Sami manteng mikasono